2 Babad 18
Sanggeus Raja Yosapat, raja nagara Yuda, jadi mukti jeung kaajen, anjeunna bebesanan jeung Raja Ahab, raja Israil.
Sawatara taun ti harita anjeunna angkat ka kota Samaria, natamu ka Ahab. Yosapat sapangiringna ku Ahab dihormat-hormat, dipangmeuncitkeun domba jeung sapi loba pisan, tuluy curak-curak. Ti dinya Ahab ka Yosapat nyoba-nyoba mundut dibantuan ngarurug Ramot di Gilad.
Saurna, "Kumaha anjeun kersa mantuan kaula merangan Ramot?" Waler Yosapat, "Mangga, kaula sareng balad seja ngabantu, sawaktos-waktos tangtos sayagi."
Saurna deui, "Nanging saena mah urang tumaros heula ka PANGERAN."
Raja Ahab nyaur nabi-nabina sina kumpul, aya opat ratus urang. Anjeunna mariksa, "Meunang kami indit merangan Ramot? Mangga rurug bae," jawabna, "ku Allah tangtos diunggulkeun."
Tapi saur Yosapat, "Kumaha aya keneh nabi sanesna anu baris mangnaroskeun ka PANGERAN?"
Waler Ahab, "Aya saurang deui, Mika bin Imla. Mung kaula teh ngewa, da eta mah ka kaula tara ngawejangkeun anu baris pisaeeun, mung anu arawon bae." "Ah teu sae sasauran kitu," waler Yosapat.
Raja Ahab miwarang hiji ponggawa sina ngangkir Mika sarta kudu kabawa harita.
Eta dua raja ngaranggo dangdanan karajaan, tuluy caralik dina korsi karajaan deukeut hiji pangirikan luareun lawang Samaria. Ari nabi-nabi tea ngawarejang di payuneunana.
Nu saurang, nu ngaran Sidkia bin Kenaana nyieun tatandukan tina beusi, tuluy unjukan ka Ahab, "Kieu timbalan PANGERAN, ‘Gempur ku maneh urang Siria ku ieu, tangtu tumpur!’"
Nabi-nabi sejen oge ucapanana kawas kitu. Ceuk maranehna, "Rurug Ramot, tangtos Kangjeng Raja kenging, diunggulkeun ku PANGERAN."
Ponggawa nu ngangkir Mika tea miunjuk kieu ka Mika, "Nabi-nabi sadayana parantos sami ngaramalkeunana, raja bakal unggul. Bapa oge saena mah kitu."
Saur Mika, "Demi PANGERAN anu jumeneng, anu bakal diucapkeun ku kami ngan anu diandikakeun ku Allah kami!"
Sanggeus aya di payuneun raja, Mika ku raja dipariksa, "Mika, meunang kami jeung Raja Yosapat ngarurug ka Ramot?" Piunjuk Mika, "Mangga rurug! Tangtos Gusti anu kenging, diunggulkeun ku PANGERAN."
Tapi saur Ahab, "Lamun enya nyarita ka kami mawa pajenengan PANGERAN, bejakeun satarabasna bae. Lain geus sering kami nitah kitu ka maneh?"
Piunjuk Mika, "Ku abdi katingal balad Israil paburisat di pasir-pasir sapertos domba teu aya nu ngurus. Dupi timbalan PANGERAN, ‘Eta jelema-jelema teh geus teu barogaeun pamingpin, sina baralik bae sangkan saralamet.’"
Saur Ahab ka Yosapat, "Tuh, ceuk kaula ge ieu mah tara ngucapkeun pibagjaeun kaula, ngan ngucapkeun picilakaeun bae!"
Mika miunjuk deui, "Dangukeun ieu timbalan PANGERAN! Katingal ku abdi PANGERAN keur linggih dina singgasana di sawarga, dibanding ku para malaikat-Na.
PANGERAN mariksa, ‘Saha anu bisa ngawujuk ka Ahab, sina indit ngadon tiwas di Ramot?’ Malaikat aya anu ngawarangsul, nanging sanggem sawareh kieu, sanggem sawarehna deui kitu.
Aya hiji roh marek ka payuneun PANGERAN, unjukan kieu, ‘Abdi tiasa ngawujukna.’ Dawuhan PANGERAN, ‘Cik, kumaha?’
Sanggem eta roh, ‘Nabi-nabi Ahab bade disina ngabarohong.’ Dawuhan PANGERAN, ‘Jung wujuk ka ditu. Ku maneh tangtu beunang.’"
Piunjuk Mika deui, "Kitu pibakaleunana. Nabi-nabi Gusti ku PANGERAN parantos disina ngabarohong ka Gusti, sarta Mantenna ku manten parantos nangtoskeun yen Gusti bakal bobor karahayuan!"
Nabi Sidkia nyampeurkeun ka Mika, tuluy nyabok bari ngomong kieu, "Ti iraha Roh PANGERAN undur ti kami sarta ngandika ka maneh?"
Waler Mika, "Engke oge maneh nyaho lamun geus asup kamar bijil kamar neangan panyumputan."
Raja Ahab nimbalan hiji tamtama, saurna, "Tangkep Mika, bawa ka kota, serenkeun ka gupernur Amon jeung ka Yoas putra raja,
sina dijebloskeun ka jero panjara, jeung sungkeret dahar nginumna nepi ka kami mulang deui salamet!"
Piunjuk Mika, "Upama Gusti iasa mulih salamet, eta tandaning PANGERAN henteu ngandika ku jalan abdi!" Saurna deui, "Kitu omongan kaula. Bandungan ku sarerea!"
Ahab raja Israil jeung Yosapat raja Yuda arangkat rek ngarurug ka Ramot di Gilad.
Saur Ahab ka Yosapat, "Kaula mah perang teh rek nyamar. Anjeun mah resmi bae nganggo anggoan karajaan." Nya tuluy raja Israil teh tarungna nyamar.
Raja Siria geus marentahkeun ka kapala-kapala pasukan kareta, yen anu kudu ditarajang teh ngan raja Israil, nu sejenna ulah.
Barang maranehna narenjoeun ka Raja Yosapat samarukna anjeunna teh raja Israil, tuluy bae ditarajang. Tapi Yosapat sasambat ngagero ka GUSTI Allah, seug ku Mantenna dirahayukeun, anu muru disina malundur deui.
Sanggeus kanyahoan yen anjeunna lain raja Israil, kapala-kapala pasukan kareta ngarudagna henteu dituluykeun.
Aya hiji serdadu Siria anu ngalepas jamparing sambarangan bae, tapi bet keuna ka Ahab pisan, nanceb kana sela-sela baju kerena. Raja Ahab ngagorowok ka kusir karetana, "Kami tatu! Balikkeun kareta urang bijil ti nu campuh!"
Sabot perang ragot keneh Raja Ahab tetep nagen dina karetana bari nyarande ngayonan urang Siria. Wanci surup panonpoe anjeunna lastari, pupus.